Kamis, 21 Maret 2013

KAENDAHAN KOTA MAJALENGKA


            Sora bedug subuh geus silih tembal, kuring gancang muru ka cai, lain ngan ukur nyokot wudu tapi langsung bebersih awak ayeuna mah, beda jeung sasarina. Kapan poe ieu mah kuring rek mangkat pelesiran ka kota Majalengka. Saacan jam 5.30 kuring geus saged ngadagoan nu nyamper, teu lila torojol wahyu nu bakal mawa kuring pelesir ka Majalengka. 
            Ngahaja mangkat isuk – isuk  ngarah teu manggihan macet, Bandung tea meh ampir sapanjang jalan macet wungkul. Tapi angger najan mangkat isuk ge kapegat keneh macet, komo lebah Caheum mah macet teh lila pisan. Antukna jam 7 kara nepi Jatinangor. Hawa tiis geus sing sumelesep kana sela – sela awak, padahal can asup daerah gunung. Lebah daerah Tanjung, motor teh mengkol heula ka SPBU pikeun ngeusi bensin.
            Sapanjang jalan langlang ku motor jeung mobil mantak gancang nepi ka Sumedang. Teu ereun heula lebah sumedang mah, ngahaja ngarah gancang nepi ka majalengka. Ngan basa diperbatasan Sumedang-Majalengka, jalan teh loba nu bolong katambah loba mobil nu garede samodel Fuso, Kontener jeung Treuk. Mawa motor ge jadi halon lebah dinya mah, palaur ka serempet mobil gede.
            Sajajalan disuguhan ku pamandangan anu endah, lebah kenca jeung katuhu ngeplak sawah anu hejo. Komo lebah daerah tomo mah aya pamandangan anu endah pisan, saung-saung sing jalejer di sisi walungan . jam salapan geus nepi ka alun-alun Majalengka, motor ge ngarandeg heula, ngareureuhkeun awak anu geus mimiti karasa cape. Majalengka teh kota panas geuningan mantak hareudang, paingan ceuk anu ngaromong cicing di Majalengka mah mantak hideung. Majalengka oge ka sohor ku kadaharan khasna nya eta kecap.
            Aya sajaman diuk di alun-alun teh, tuluy dilanjutkeun ka Curug Muara Jaya atawa nu kasohor kusebutan Curug Maja. Jarak ka Curug teh kurang leuwih 25 km ti puseur kota. Beda jeung cuaca basa di kota lebah daerah Maja mah cuaca teh tiis, pedah deukeut daerah gunung jigana mah. 12 km ka curug, jalan teh palaur pisan kajaba jalan na leutik katambah ku nanjak jeung pungkal-pengkol. Saumpama naek mobil kudu leuwih ati-ati pisan sabab salian ti sempit, jalan oge barolong. Saacan nepi ka Curug , sajajalan  disampakeun pamandangan anu endah deui, loba kebon  sayur anu diurus rapih. Ngan 2 km rek ka Curug jalan teh goreng pisan, loba jalan anu barolong.
            Curug Muara jaya perenahna di Kecamatan Argapura, Desa Argalingga. Tiket asup ka eta curug kawilang murah, ngan 5000/perjelma. Harga tiket sakitu teh sabanding jeung kaendahan Curug Muara Jaya. Rasa cape kabayar lunas ku eta kaendahan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar