Sora
bedug subuh geus silih tembal, kuring gancang muru ka cai, lain ngan ukur
nyokot wudu tapi langsung bebersih awak ayeuna mah, beda jeung sasarina. Kapan
poe ieu mah kuring rek mangkat pelesiran ka kota Majalengka. Saacan jam 5.30
kuring geus saged ngadagoan nu nyamper, teu lila torojol wahyu nu bakal mawa
kuring pelesir ka Majalengka.
Ngahaja mangkat isuk – isuk ngarah teu manggihan macet, Bandung tea meh
ampir sapanjang jalan macet wungkul. Tapi angger najan mangkat isuk ge kapegat
keneh macet, komo lebah Caheum mah macet teh lila pisan. Antukna jam 7 kara
nepi Jatinangor. Hawa tiis geus sing sumelesep kana sela – sela awak, padahal
can asup daerah gunung. Lebah daerah Tanjung, motor teh mengkol heula ka SPBU
pikeun ngeusi bensin.
Sapanjang jalan langlang ku motor
jeung mobil mantak gancang nepi ka Sumedang. Teu ereun heula lebah sumedang
mah, ngahaja ngarah gancang nepi ka majalengka. Ngan basa diperbatasan Sumedang-Majalengka, jalan teh loba nu bolong katambah
loba mobil nu garede samodel Fuso, Kontener jeung Treuk. Mawa motor ge jadi
halon lebah dinya mah, palaur ka serempet mobil gede.
Sajajalan disuguhan ku pamandangan anu endah, lebah kenca jeung
katuhu ngeplak sawah anu hejo. Komo lebah daerah tomo mah aya pamandangan anu endah pisan, saung-saung
sing jalejer di sisi walungan . jam salapan geus nepi ka alun-alun Majalengka,
motor ge ngarandeg heula,
ngareureuhkeun awak anu geus mimiti karasa cape. Majalengka teh kota panas
geuningan mantak hareudang, paingan ceuk anu ngaromong cicing di Majalengka mah
mantak hideung. Majalengka oge ka sohor ku kadaharan khasna nya eta kecap.
Aya sajaman diuk di alun-alun teh, tuluy
dilanjutkeun ka Curug Muara Jaya atawa nu kasohor kusebutan Curug Maja. Jarak
ka Curug teh kurang leuwih 25 km ti puseur kota. Beda jeung cuaca basa di kota
lebah daerah Maja mah cuaca teh tiis, pedah deukeut daerah gunung jigana mah.
12 km ka curug, jalan teh palaur pisan kajaba jalan na leutik katambah ku
nanjak jeung pungkal-pengkol. Saumpama naek mobil kudu leuwih ati-ati pisan sabab
salian ti sempit, jalan oge barolong. Saacan nepi ka Curug , sajajalan disampakeun pamandangan anu endah deui, loba kebon sayur
anu diurus rapih. Ngan 2 km rek ka Curug jalan teh goreng pisan, loba jalan anu
barolong.
Curug Muara jaya perenahna di
Kecamatan Argapura, Desa Argalingga. Tiket
asup ka eta curug kawilang murah, ngan 5000/perjelma. Harga tiket sakitu teh sabanding jeung
kaendahan Curug Muara Jaya. Rasa cape kabayar lunas ku eta kaendahan.